• SMP NEGERI 3 CILEUNYI
  • TAQWA, CERDAS, KREATIF, INOVATIF

BATU KUDA

BATU KUDA

 

 

Ku Sumyati

 

Geus lila kuring ngarencana arék ulin deui ka Batu Kuda. Masih aya knéh anu panasaran, apan basa baheula ulin ka dinya téh teu nepi ka Batu Kudana mah. Tibah ukur ulin wé popotoan dina plang anu aya tulisan batu kuda jeung lukisan hulu kuda. Apan geuning jaman ayeuna mah panasaran lamun indit-inditan ka mana baé sok hayang waé update dina status. Hé hé… ngarah batur apaleun lamun kuring keur ulin.

Dibayang-bayang timimiti indit siga kumaha éta Batu Kuda téh. Naha batuna siga kuda? Jeung kunaon bet disebut Gatu Kuda? Dilongokan sakur batu anu aya di dinya. Aya sababaraha hiji batu anu baradag deukeut plang éta téh. Ngahaja dideukeutan, sugan waé éta. Nya pok wé, kuring nanya ka tukang parkir.

“Mang ari éta téh Batu Kuda téa?” ceuk kuring bari ngadeukeutan tukang parkir.

“Sanés, atuh Bu. Batu Kuda mah masih tebih. Aya wé sakilo méter deui ti dieu mah, ka palih ditu,” pok tukang parkir bari nunjuk ka beulah kalér. Nyebut ibu si tukang parker téh, teung nempo tangtungan kuring geus kolot meureun.

Kuring tatanggahan ka Beulah kalér, da kabeneran rada nanjak saeutik. Jeung nyorang leuweung oge cenah. Biasa kebon awi paselang jeung tatangkalan lainna, rada harieum. Rét, kuring ka babaturan. Anu dirérét malah gideug, tandana teu satuju lamun neruskeun perjalanan ka ditu.

 

“Aya potona, Mang? Siga kumaha Batu Kuda téh?” ceu Ratna nanya.

“Aya, muhun tos wé amengan di dieu. Cekap ningali poto wé, da kitu-kitu kénéh.

Asa dihatéan tukang parkir, ceu Ratna mah. Anu asalna gilig hayang nempo Batu Kuda téh jadi hayang ulin kukurilingan di dinya waé. Geus seubeuh popotoan mah, balik deui wé. Ngan teu kosong teuing lalampahan poé éta téh, bari balik ngahaja nyimpang heula ka kuncén di Cikonéng. Hayang apal sajarah Batu Kuda. Tapi da teu lila geus ngobrol mah, balik deui wé leumpang mapay pudunan. Teu karasa jalan anu tadi disorang basa indit sakitu nanjak, ari mudun mah nurugtug, dibawa ngorol ngalér ngidul, jol gog wé di perumahan Manglayang deui.

Ti poé Kamari kuring janjian deui, yén poé ayeuna téh arék neruskeun nalungtik anu masih kénéh panasaran. Rencana mah arék ti isuk-isuk nyamper deui ceu Ratna ka imahna. Ngan édas, pagawéan anu dirurusuh hayang geura bérés sok aya-aya waé halangan téh. Ti peuting kénéh loba gangguan. Hayoh listrik ogé pareum, atuh pagawéan anu kuduna bérés ti peuting téh, kakara dipigawé tadi isuk. Kapaksa nyampeur ceu Ratna kabeurangan.

Ampir jam 12 kakara nepi ka imah ceu ratna. Datang ka dinya téh teu waka indit deuih. Da kagok nunguan solat lohor heula. Haté geus teu yakin bakal jadi indit sakumaha rencana kamari. Sabab waktuna samporét. Ah, kumaha ceu Ratna wé, indit hayu henteu ogé teu nanaon. Kuring mah itung-itung ulin wé, bosen di imah waé.

Gancang carita, kuring jeung ceu ratna saged maké jéket bisi tiris. Ceu ratna ngabonceng kuring maké motor Vario hideung. Saparat jalan kuring uplek ngobrol. Palebah tanjakan aya parapatan, ceu Ratna mengkolkeun motorna.

“Kunaon mengkol, Ceu?”

“Didinya hayang beungeut kinclong teu?” ceu Ratna nanya.

“Naon kitu?” kuring panasaran.

“Urang Facial, yu?” ceuk ceu Ratna bari ngarandeg.

“Dimana?” jawab kuring héran. Biasa ogé tara ngajak-ngajak ka salon.

“Ngarah beungeut urang kinclong. Geus ti salon kakara ulin ka Batu Kuda,” jawab ceu Ratna bari terus wé ngajugjug komplék Manglayang. Teu karasa reg wé eureun di hareupeun salon.

Teu ditempo ngaran salon éta téh teuing naon. Ujug-ujug bus wé asup nuturkeun ceu Ratna. Dijero kasampak pinuh, loba pisan langganan salon éta téh. Teuing pédah poé Saptu meureun arék malam Mingguan. Aya anu keur dipotong buukna, aya anu keur maké hair dryer, aya ogé anu keur ngecét buuk jeung sajabana.

Blus we kuring mah ka kamar, duaan jeung ceu Ratna arék facial téa. Kabeneran di kamar éta aya dua kasurna, atuh hiji séwang. Lumayan wé, tempana rada genaheun salon téh cacakan lain di kota mah. Katurug-turug pagawéna keur geulis téh soméah. Ceu Ratna tiheula, ditempokeun ti mimiti pameunteu ceu ratna digulang gapér, diurut-urut nepikeun ka di tutupan maké infra merah. Ari ceu Ratna mah nyegrék wé kérék siga anu genah pisan diurut-urut téh.

“Ayeuna Ibu,” ceuk si tukang salon téh bari malik ka kuring.

Golédag, kuring nangkarak. Sajajar jeung ceu Ratna anu geus tibra pisan. Dua leungeun nilep dina dada, dituruban ku jékét, sedengkeun panon ngahaja dipeureumkeun. Mimiti karasa tiis hawa kana tarang. Tuluy disususatan maké busa, lila-lila karasa haneut. Las deui diulas raray bari diurut-urut, kaambeu seungit. Mimiti mah karasa peureus, cenah mah dicabutan komédo, lila-lila mah teu karasa nanaon.

Torojol sumping sepuh duaan anggoanana sagala bodas, anu hiji pameget nganggo jubbah bodas, anu saurang deui mah istri nganggo gamis bodas nyacas, sareng khimar bodas ogé. Anjeuna uluk salam, suantena halimpu pisan. Katawis yén anjeuna jalmi anu luhur pangaweruh.

Di dituanna téh, kuring arék natamu ka imah panggung anu pinuh ku ukiran. Bilikna tina kai jati, panto, jandéla jeung palupuhna ogé sagala kai. Persis siga imah karajaan jaman baheula anus so kaya dina filem-filem. Buruanana raresik teu aya kalakay murag, padahal éta imah téh hieum ku tatangkalan.

“Oh, ieu meureun Eyang Prabu Layang Kusumah sareng Ratu Layung sari,” ceuk piker kuring.

Siga anu surti, éta sepuh téh imut ngagelenyu, bari pok sasauran. Sanaos tos sepuh ka kuring anu kasebutna sahandapeun, sopan pisan.

“Badé aya pikersaeun naon, Cuu, sumping ka rorompok Eyang? Geuning kieu kaayaan Eyang mah,” saur éta sepuh bari teu imut ngagelenyu.

Ari kuring siga anu kasima, biwir pageuh rék nyarita. Létah asa hésé digerakkeun, kakara ogé calawak bari teu kaluar sora, kaburu ditanya deui.

“Cuu, aya naon pikersaeun, badé naon atuh milari Eyang? Pok, anaking geura balaka tong asa-asa. Eyang téh, Prabu Layang Kusumah, ari ieu garwa Eyang, Ratu Layung Sari. Sabenerna Eyang mah lain urang dieu asli. Aya didieun téh kulantara kuda Eyang labuh, mebes kana leutak teu bisa hudang deui. Ari Eyang, bingung kamana kudu lumampah. Kapaksa wé bebetah di didieu sareng Eyang Layung Sari, garwa Eyang,” rét ka istrina anu calik sagedengeun, gelenyu Eyang Putri imut.

Kuring angger acan bisa nyarita, baham siga anu dikonci. Hayang nanya, kunaon éta kuda mebes kana leutak. Terus sabenerna Eyang ti mana arek kamana atuh bet, aya di gunung Manglayang. Edas ukur bisa calawak, meni hayang ngagorowok ngaluarkeun sora. Siga anu surti Eyang téh, galindeng deui sasauran.

“Eyang téh ti karaton Cirebon, maksad téh badé ka Banten. Tah di Manglayang ieu, kuda Eyang ragrag terus mebes kana leutak. Kuda anu sakti jeung satya, teu wasa ningali manéhna gegerungan teu bisa ditulungan. Antukna mah disilep we jadi batu, nepika ayeuna. Anu ku balaréa disarebut Batu Kuda.  Meureun geus titis tulis Eyang kudu nepi ka lebah dieu,” saur Eyang Prabu bari cumalimba émut kana kudana anu perlaya.

Geus teu kuat hayang nyarita. Titadi ukur bisa unggeuk jeung calawak. Bismillah ayeuna mah rék nyoba digorowokkeun sugan wé, aya soraan. Barang rék ngagorowok, katingal Eyang Layung Sari tatih terus nepuk taktak kuring, siga anu surti lamun kuring teu bisa nyarita. Atuh kuring ngarenjag reuwas.

Bray beunta, bari culak cileuk ka kenca jeung katuhu. Geuning kuring téh masih di salon. Ngimpi kitu?

“Bu, atos réngsé. Ibu kulem lami pisan.”

“Astagfirulloh, teu karaos. Leres atos facial téh?” ceuk kuring bari koréjat hudang. Tuluy bébérés makékeun deui jeket jeung kurudung. Geus babayar mah, bring deui we kaluar. Bari dipapag ku hujan, atuh balik téh ka imah jibreg ku cai hujan.   

 

 

 

Komentari Tulisan Ini
Tulisan Lainnya
KUNCI KESUKSESAN RAFA

  KUNCI KESUKSESAN RAFA Oleh: Alya Winanda Syawalina Rizki (Juara I Lomba Menulis Cerpen Rayon 5 Kabupaten Bandung)    Cuaca pagi ini sangat cerah. Kulihat senyuma

20/10/2022 14:16 - Oleh SUMYATI - Dilihat 290 kali
NGANJANG KA BULAN

  NGANJANG KA BULAN Ku Sumyati   Wanci nyérélék maju ka peuting. Hawa di kamar   beuki bayeungyang waé karasana ku Néng Asih m

22/09/2022 16:35 - Oleh SUMYATI - Dilihat 243 kali
TERJEBAK TULISAN SENDIRI

     (Oleh: Sumyati )   Mobil xenia putih berhenti pas di depan gerbang utama rumah berlantai dua. Rumah berpagar batu alam yang terletak di jalan utama terlihat

16/09/2022 19:36 - Oleh SUMYATI - Dilihat 295 kali
PUISI RAMADAN

PRAKTIK ZAKAT oleh Sumyati antrian anak pria wanitasatu persatu mendekati mejadijaga tiga anak beliadepan kelas merekadi tangannya uang recehan enam lembar lima ribuan anak berkemeja

23/04/2022 06:38 - Oleh SUMYATI - Dilihat 762 kali
PUISI RAMADAN

BAJU LEBARAN Oleh Sumyati tradisi idul firtiyang tak terpungkiridari cacah hingga priyayiwalau lidah mengingkari, meredam hatidari rayuan mata kanan dan kirishopee, lazada dan toko pe

23/04/2022 06:32 - Oleh SUMYATI - Dilihat 320 kali
PUISI RAMADAN

    ISYA Oleh Sumyati   Rasululloh bersabda:subuh dan isya adalah salat terberat bagi para munafikpadahal telah alloh persiapkan pahalasetara pahala salat sunat sete

21/04/2022 17:10 - Oleh SUMYATI - Dilihat 618 kali
KUTIFAN AUTO BIOGRAFI

  ANTARA TUGAS NEGARA DAN ANAK    H.R. Tirmidzi Dan ketahuilah, sesungguhnya kemenangan itu beriringan dengan kesabaran. Jalan keluar beriringan dengan kesukaran

16/04/2022 20:37 - Oleh SUMYATI - Dilihat 644 kali
RAMADAN BERPUISI 3

    PESAN AR-RAHMAN    Tahukah Kalian: kenapa allah menciptakan mahluknya berpasangan? ada kemarau ada hujan   ada panas ada dingin ada susah ada sena

16/04/2022 20:05 - Oleh SUMYATI - Dilihat 411 kali
RAMADAN BERPUISI 2

  RASA, CINTA DAN DOSA    Masih tentang hati dan rasa yang tak mampu berhenti mengeja angan, harapan dan kenyataan duka, lara dan kecewa hingga cemburu mengusut na

16/04/2022 19:58 - Oleh SUMYATI - Dilihat 358 kali
ADAKAH YANG KAU LIHAT TAK SEIMBANG Oleh : Omah Karmanah

  GAPAILAH CITA-CITAMU SETINGGI LANGIT, TERBANGLAH SAMPAI KE ATAS AWAN TANPA SENGIT , TUK MENGGAPAI CITA-CITA DAN HARAPAN, TETAP SEMANGAT TUK MASA DEPAN WALAU GELOMBANG DATANG

15/04/2022 14:57 - Oleh Dra. Omah Karmanah, M.M.Pd. - Dilihat 442 kali