NGANJANG KA BULAN
NGANJANG KA BULAN
Ku Sumyati
Wanci nyérélék maju ka peuting. Hawa di kamar beuki bayeungyang waé karasana ku Néng Asih mah. Dipeureum-peureum ogé teu bisa reup. Nyangigir salah, nangkarak ogé salah. Anggur rusras sagala narémbongan lalampahan katukang. Pangpangna mah, inget ka Kang Toyib anu geus tilu purnama kaopat ayeuna teu mulang kénéh. Beurang peuting dianti-anti malar nyeri beuheung sosonggéteun. Dasar ceuli léntaheun, teu kaop aya sora kutrak ketrok, ngoréjat susuganan manéhna datang. Puguh mah sora cak cak mabuk-mabuk buntutna.
Rét kana jandéla, bari koréjat hudang. Ragamang kana hordéng. Lalaunan, sérélék dibukakeun. Bray, témbong diluar caang. Masih panaasaran kénéh, hawa kamar masih karasa nyongkab. Kotrak atuh muka tulak jandéla. Sugan ari dibukakeun mah angin ti luar asup. Kabeneran kamarna téh di loténg bari nyangharéup ka jalan. Atuh ngémpurna caang bulan teu kahalangan tangkal atawa imah batur. Aya ogé tanggal manga, apan dihandap.
Angin peuting karasa ngahiliwir ngusapan anu kéur ngadawéung dina jandéla. Di kamar luhur mah, hiliwir angin karasa pisan nyecepna. Béda jeung kamar anu di handap, nyublek teu aya témpat keur ngadaweung. Béuki betah wé nyérangkeun bulan anu hibar cahayana. Téu kahalangan pisan, lempeng kana lawang jandéla. Rarasaan mah asa deukeut pisan, kaciri Nini Antéh anu keur anteng diuk jeung ucingna.
“Lamun mah bisa, méni hayang géura jung indit ka bulan,” ceuk gerentes haté Néng Asih bari anteng neuteup ka bulan siga hayang meunang jawaban. Cipanon mimiti ngeyembeng kasorot ku cahaya bulan. Borélak, mapay kana damis anu konéng umyang, ngéclak. Sawatara lila diantep ramahbay siga anu dianteur, kasedihna. Diiméutkéun péuting harita. Iraha teuing Néng Asih némbongkeun sedih haréupéun batur. Sanajan bénér salakina tara balik, lamun aya anu rajéun nanya ogé tara némbongkeun ka sédih. Cukup wé manéhna ngajawab, “Si Akang mah nuju sibuk padamélan.” Pon kitu déui ka anak duanana ogé tara pirajéunan némbongkéun haté tunggara. Tétéla haté jelema mah déét tapi téu bisa dikobét. Saha anu apal Néng Asih haténa tunggara? Tong boro batur atuh, sanajan anakna ogé samarukna mah sénéng wé. Abong bocah méuréun, budak umur salapan taun mah masih acan ngarti nanaon, béunang kénéh disimutan.
Sajéroning ngadawéung haténa galécok nyarita. Géus liwat tilu purnama, nincak ka opat péuting ayéuna téh. Nyéri beuheung sosonggéteun, balas ku ngaliéukan. Kang Toyob téu embol-embol waé datang. Geus teu ingét ka budak anu unggal poé ménta ongkos keur sakola. Apan budak mah teu cukup ku jawaban euweuh atawa acan boga. Angger wé, tiap rék indit sakola ménta ongkos kudu aya. Keur jajan atawa udunan pangabutuh di kelas. Geus kudu kasaha deui ménta. Pajarkeun kudu diajar loba puasa. Da asa piraku atuh ari kudu puasa unggal poé mah, asa acan ngadéngé sunah rosul anu mana.
Akang mah ku téga teuing, lamun kuring ménta duit keur budak, sok cukup ku acan boga atawa nitah puasa. Teuing meunang guguru ti mana ari Kang Toyib, teuing maca hadis anu mana ogé, asa téu kaharti. Lamun kiéu carana kuring jadi curiga. Dipaké naon atuh hasil usahana, jéung naon sabab anu sabénérna?
Hirup dipangumbaraan lieuk deungéun lieuk lain. Rét ka gigiréun batur, kahareup batur, pon kitu deui ka tukang ogé sarua batur. Ari ku mindeng ngumaha ka tatangga éra, piraku ngaprak ka unggal imah nginjéum duit. Da kuring téh boga kénéh beungeut atuh. Sanajan halal ogé nginjéum, ari unggal usik téuing mah batur ogé bosénéun. Malahan lila-lila kapércayaan anu asalna aya ogé jadi téu aya. Ari kieu téh, meni sok asa pondok pangharepan. Hayang jung wé indit ti imah ninggalkeun ka rudet. Da ari nyusul, atuh nyusul kumaha, téu puguh cicingna. Nya kunaon nasib kuring jadi kieu?
Sigana genah lamun bisa nganjang ka bulan. Rék pindah wé sakalian. Sugan di bulan mah moal loba pamikiran. Arék ucang-ucang wé jeung Nini Antéh. Nyérangkéun jéléma anu aya di bumi. Kumaha pétana Kang Toyib lamun kuring minggat. Da geuning teu beunang disabaran. Kieu jeung kieu waé salilana.
“Nini, atuh kuring téang kadieu! Hayang milu ka dinya. Teu sanggup nyanghareupan rupa-rupa pasoalan ku sorangan,” Néng Asih mungkas lamunan.
Satuluyna golédag saténgah ngabeubeutkeun awak kana kasur. Ngajepat nangkarak bengkang, ukur dicaangan cahaya bulan, dipépéndé ku hiliwirna angin peuting. Lalaunan simut anu nilep gigireun dibedol nyimutan badan anu mimiti katirisan.
Peuting beuki simpé. Cahaya bulan beuki makbrak caang, siga beurang. Langit lénglang taya pangaling-ngaling. Béntang siga embung éléh ku bulan, pating kariceup matak sieup. Hiliwir angin ngadalingding ngenagkeun daun katapang anu rajég ngabéulah jalan pérumahan. Kéur mah poéna halodo katurug-turug caang bulan, matak betah pisan lamun séug siga baheula keur leutik ucing-ucingan bari susumputan. Apanan kitu barudak di lembur mah, mangpang-meungpeung caang bulan arulin di luar, da ari poék bulan mah bororaah daék ulin di luar, sieun wé anu aya.
Abong urang lembur, lelembutan téh sok balik deui ka jaman katukang. Ngadon nalingakeun budak anu balik ti masigit. Marotah pisan ulin oray-orayan. Nguntuy ngolongan anu jaga, bari ngalagu oray orayan. Dimana laguna tamat, anu kapandeurian ditahan.
Keur anteng nyérangkeun barudak, teu kanyahoan, ti langit aya cahaya ngabarasat turun. Ujug-ujug jleg wéh di hareupeun. Néng Aasih colohok siga anu kasima. Saumur hirup kakara ayeuna nempo anu kitu.
“Aya pesawat turun. Rokét téa, kitu? Atawa satelit? Tapi ah, da lain kitu,” céuk géréntes haténa héran. Keur jongjon nginget-nginget berita jeung pangajaran sakola, téu kanyahoan deui waé teuing ti mana jolna.
“Asih! Yap kadieu, anaking! Iéu Nini datang,” ceuk hiji sepuh bari ngélék ucing bodas buntutna panjang. Nini-nini maké kabaya bodas tulang, samping batik réréng bodas. Ari rambutna patengah jéung huis, digelungkeun. Sigana umurna geus nincak kana tujuh puluhan, kaciri tina pakulitanana jeung leumpangna saeutik moyongkod. Sigana loba teuing diuk, balasku ninun waé.
Néng Asih, bengong kénéh teu ngarti. Aya sieun ogé, tengah peuting aya nini-nini datang. Boa-boa jurig, dedemit anu nyurup ka nini-nini. Rét ka gigir, rét kahareup néangan pilumpateun.
“Ulah sieun, anaking! Apan nini téa, anu tadi ku hidep digeroan,” pajarkeun téh.
“Oooh, Nini Atéh?” Néng aasih ngoréjat siga anu bungah.
“Hayu lain anjeun hayang milu ka bulan?” ceuk si nini bari ngusapan ucingna.
“Nini, ari ieu téh rokét téa?” tanya Néng Asih panasaran bari nunjuk kana pesawat téa.
“Montong loba tatanya, waktuna saeutik,” ceuk si nini bari ngabetot nuyun asup ka jero rokét. Téu kungsi lila belesat ngapung deui éta rokét téh.
“Anu kieu pesawat apolo téh, meureun? Leuh, kuring ngalaman ogé numpak. Meureun éta anu mawana téh Néil Armstrong. Apanan cenah anu laksana nganjang ka bulan téh Néil Armstrong. Ayeuna kuring laksana ogé panggih jeung pilot luar angkasa ti Amérika. Mada teuing banggana Kang Toyib, lamun nyahoeun kuring wawuh jeung Armstrong. Kang Toyib mah baheula ka luar negeri ukur jadi TKI, kuring mah nganjang ka bulan. Inget ayeuna mah. Néil Armstrong téh, apan astronot. Papakéan ogé astronot mah siga robot. Céuk béja ka bulan mah teu meunang maké baju biasa. Ari kuring ukur maké baju daster? Heueuh moal nanaon meureun da nini Antéh ogé ukur maké samping jeung kabaya” kitu galécokna haté Néng Asih.
Pésawat béuki luhur baé. Sapanjang di jomantara, dibayang-bayang éndahna bulan. Bisa ucang anggé bari dipangdongéngkéun ku nini. Bari ngawaskéun manusa anu kuméléndang di bumi. Susuganan baé, kang Toyib ogé katingali dimana ayana.
Néng Asih ngarasa kagét. Sabab pésawat téu nincak kénéh waé. Ngalayang siga langlayangan. Awak asa jadi hampang. Anu kitu mereun anu disebut ruang hampa udara téh? Rét kana suku, téu napak. Tétéla bener ogé henteu nincak. Rét deui ka gigir, anu tadi aya si nini jeung ucingna. Kamana geuning jadi euweuh? Kakara Néng Asih sadar, yén di bulan mah téu aya gravitasi siga di bumi.
“Astagfirulloh! Di bulan mah, hampa udara. Sakabéh benda kaasup jelema bakal ngalayang. Boa-boa kuring jadi leungit. Ah, arék nyoba ngagorowok, bisa moal? Sugan wé, nini antéh ngadéngé kuring.
“Nini….! Nini …! Niniiiiiiiii ...!” suwung. Coba sakali déui, ah.
“Nini…! Niniiiiiii…! Di mana ….? Astagfirulloh, geuning bener teu kadéngé sora. Cilaka kaya kieu mah. Doraka ti salaki meureun kuring téh. Indit ningalkeun anak jeung salaki. Hampura akang! Asih geus doraka ninggalkeun anak jeung akang,” kitu sasambatna Néng Asih bari ceurik balilihan.
Géus kitu mah Néng Asih sadar, yén manéhna kalangsu. Bororaah bisa kenalan jeung Armstrong. Nini Antéh ogé ngaléungit. Boro téh arék ucang anggé bari sisiaran jéung nini. .
“Ya Alloh, abdi hampura, hu..hu…hu…. Émak, Bapak, hampura Asih! Moal papanggih déui, hu…hu…hu…” Néng Asih ceurik balilihan bari sasambat ka indung jeung bapa. Kéur sumegruk ceurik, teu kanyahoan aya budak anu pating cikikik.
“Ha ha ha ha….., hahahahah….., ibuuuu!” Astri jeung Anisa pating cakakak nyeungseurikeun indungna tina lawang panto. Cenah, héran kunaon si ibu tara-tara ti sasari manggil-manggil nini. Apanan nini mah tos lami ngantun keun. Curiga, pasti keur ngimpi deui.
Koréjat atuh Néng Asih hudang bari culang cileung, rada éra diseungseurikeun ku dua anakna. Bari seuri ngabarakatak tiluan sisingkelan. Sanajan kaperego ku budak asa éra ogé. Satuluyna mah, terus wé, ngadongéngkeun lalakon ngimpi ka budak dua, Astri jeung Ani.
Ngimpi mah kembangna saré. Anu matak ulah loba teuing ngalamun anu araranéh. Hirupmah anu sawajarna. Ikhlas bari ikhtiar, soal kasusah mah samara hirup. Ngarah jalma loba éling ka anu kagungan, ulah ngalajur nafsu. Ari kasenangan, tong dijadikeun agul. Éta mah kakara bonus. Da ganjaran anu saéstuna mah engké di yaumil ahir.
Cag, dugi kadieu!
Komentar
Sebuah penantian dan harapan seorang istri dalam kenyataan banyak terjadi seperti ini.Ketika esih humandeuar meratapi dirinya rasa hanjelu memikirkan suaminya yang dirasakan kurang tanggung jawab..enya ari budakmah ..teu nyaho euweuh.Obrolan nyi esih dengan dirinya mewakili..sebagaian kaum hawa.dialog ini sering didengar ari ngawangkong ngadu baqo..Trimakasih Bu..saya hanya penikmat.hanya menurut abdi ieu carios teh,datar kurang greget..mungkin sengaja ngagantung..nunggu kang Toyib..he,he
Komentari Tulisan Ini
Tulisan Lainnya
KUNCI KESUKSESAN RAFA
KUNCI KESUKSESAN RAFA Oleh: Alya Winanda Syawalina Rizki (Juara I Lomba Menulis Cerpen Rayon 5 Kabupaten Bandung) Cuaca pagi ini sangat cerah. Kulihat senyuma
TERJEBAK TULISAN SENDIRI
(Oleh: Sumyati ) Mobil xenia putih berhenti pas di depan gerbang utama rumah berlantai dua. Rumah berpagar batu alam yang terletak di jalan utama terlihat
PUISI RAMADAN
PRAKTIK ZAKAT oleh Sumyati antrian anak pria wanitasatu persatu mendekati mejadijaga tiga anak beliadepan kelas merekadi tangannya uang recehan enam lembar lima ribuan anak berkemeja
PUISI RAMADAN
BAJU LEBARAN Oleh Sumyati tradisi idul firtiyang tak terpungkiridari cacah hingga priyayiwalau lidah mengingkari, meredam hatidari rayuan mata kanan dan kirishopee, lazada dan toko pe
PUISI RAMADAN
ISYA Oleh Sumyati Rasululloh bersabda:subuh dan isya adalah salat terberat bagi para munafikpadahal telah alloh persiapkan pahalasetara pahala salat sunat sete
KUTIFAN AUTO BIOGRAFI
ANTARA TUGAS NEGARA DAN ANAK H.R. Tirmidzi Dan ketahuilah, sesungguhnya kemenangan itu beriringan dengan kesabaran. Jalan keluar beriringan dengan kesukaran
RAMADAN BERPUISI 3
PESAN AR-RAHMAN Tahukah Kalian: kenapa allah menciptakan mahluknya berpasangan? ada kemarau ada hujan ada panas ada dingin ada susah ada sena
RAMADAN BERPUISI 2
RASA, CINTA DAN DOSA Masih tentang hati dan rasa yang tak mampu berhenti mengeja angan, harapan dan kenyataan duka, lara dan kecewa hingga cemburu mengusut na
ADAKAH YANG KAU LIHAT TAK SEIMBANG Oleh : Omah Karmanah
GAPAILAH CITA-CITAMU SETINGGI LANGIT, TERBANGLAH SAMPAI KE ATAS AWAN TANPA SENGIT , TUK MENGGAPAI CITA-CITA DAN HARAPAN, TETAP SEMANGAT TUK MASA DEPAN WALAU GELOMBANG DATANG
Teks Fabel ( Moni dan Gucci)
Oleh: Dra. Omah Karmanah, M.M.Pd. Cerita fabel merupakan cerita tentang kehidupan binatang yang berperilaku menyerupai manusia. Fabel termasuk jenis cerita fiksi, bukan kisah t
Hatur nuhun koreksina