You need to enable javaScript to run this app.

HAYU URANG NGAMUMULE BASA SUNDA PIRAKU URANG ELEH KU WALANDA

  • Selasa, 22 Februari 2022
  • SUMYATI
  • 0 komentar
HAYU URANG NGAMUMULE BASA SUNDA  PIRAKU URANG ELEH KU WALANDA

HAYU URANG NGAMUMULE BASA SUNDA

PIRAKU URANG ELEH KU WALANDA

 Ku Sumyati, M.Pd.

 

 

Tak kenal maka tak sayang. Lamun teu wawuh moal bogoh.”

Eta kalimat di luhur geus populér di balaréa, komo keur barudak remaja mah. Sigana teu béda jeung maksud kuring ayeuna. Arék ngaguar basa Sunda, sugan waé ari ku mindeng panggih, mindeng nempo, ngajaran maké heug waé lila-lila jadi suka atawa bogoh. Apan lamun geus bogoh mah, jadi maskét. Sieun direbut batur. Sok wé, lamun kabogoh anjeun direbut batur, kajeun paséa di tengah jalan geuning. Tah sugan wé kacinta kana basa sunda ogé  sapertos kitu. Intina mah kudu wanoh heuha kana basa sorangan, supaya jadi nineung jeung mikacinta.

Kuring ngarasa prihatin, zaman ayeuna loba indung anu embung ngawariskeun budayana sorangan ka anakna. Apanan basa Sunda téh budaya urang Sunda, jati diri urang Sunda. Kunaon ari bangsa deungeun, Walanda, hayang ngabogaan basa Sunda? Nepikeun urang Sunda lamun hayang diajar basa Sunda kudu indit ka Belanda. Teu salah kitu? Apanan basa Sunda téh basana karuhun urang, anu turun tumurun ti zaman Karajan Pajajaran baheula. Heula mana basa Sunda jeung datangna urang Walanda ka Indonesia? Kunaon ari urang Walanda leuwih apal basa Sunda tibatan urang Sunda asli? Apan sok kakara riweuh bangsa urang mah lamun budaya urang geus aya di batur. Kuduna tah ieu téh tugas para indung ka anakna, ngawaris budaya Sunda, anu mangrupa bahasa Sunda téa.

Lamun dititenan di masarakat, hususna mah kaum terpelajar, ngawanoh keun basa ka anak téh ku basa nasional. Malahan mah loba anu maké bahasa dueungeun sagala. Katingali mémang, anu maké basa deungeun mah pasti indungna pinter basa deungeun, naha basa Inggris atawa basa Korea. Sigana kababawa ku film “DRAKOR.” Ti dituanana mah maranéhna boga tujuan, ngawaris basa ka anak téh, pangpangna ngigelan zaman cenah. Apan cenah ayeuna zaman modérn, pergaulan anak modérn leuwih lega lain ukur jeung papada budak urang Sunda. Di komplek imah ogé apanan geus pacampur jeung urang mamana, bener naon anu disebut masyarakat majemuk téa. Aya urang Padang, urang Jawa, Madura, Batak jeung sajabana. Komo meren dilingkungan élit, moal salah aya ogé urang luar negeri. Alesan kadua sigana, sangkan budak babari ngarti lamun seug engké sakola.

Aya paribasa, bahasa menunjukkan bangsa.  Lamun dihartikeun éta kalimah téh meren siga kieu. Anu ngomong basa Sunda pasti éta urang Sunda. Anu nyarita ku basa batak éta téh urang batak, anu nyarita ku basa Jawa éta téh urang Jawa Tengah atawa Jawa Timur. Tunda heula bahasa Indonesia mah, da etamah bahasa nasional, ari bahasa nasional mah bahasa sarerea bahasa nusantara. Bahasa menunjukkan bangsa téh, hartina meren basa Sunda téh jatidiri urang Sunda. Lamun teu dipaké, hartina leungit jatidiri urang salaku urang Sunda.

Kunaon maké aya poé basa indung sagala? Timana mimitina anu ngagagas poé basa indung téh? Sabenerna mah gagasan ieu téh ti bangsa deungeun, nyaéta bangsa Bangladesh anu kanyenyerian waktu merjuangkeun basa daérahna hayang diangkat jadi bahasa nasional.

 

“Untuk membubarkan protes tersebut, pemerintah Pakistan melarang pertemuan publik dan unjuk rasa. Mahasiswa Universitas Dhaka, dengan dukungan masyarakat umum akhirnya mengatur diadakan rapat umum. Kemudian pada 21 Februari 1952, polisi melepaskan tembakan ke demonstrasi. Salam, Barkat, Rafiq, Jabbar dan Shafiur tewas, dengan ratusan lainnya terluka. Ini adalah kejadian langka dalam sejarah, di mana orang-orang mengorbankan nyawa untuk bahasa ibu mereka. Sejak itu, orang Bangladesh merayakan Hari Bahasa Ibu Internasional sebagai salah satu hari tragis mereka.”

Sumber: Baca selengkapnya di artikel "Tema Hari Bahasa Ibu Internasional 2022-Sejarah Mother Language Day", https://tirto.id/go2a

 

Tah kitu sajarahna poé basa indung internaasional téh. Atuh urang ogé anu miboga basa indung, nyaéta basa sunda, tong éléh ku bangsa batur. Hayu urang nanjeurkeun basa Sunda, bahasa karuhun urang. Urang gunakeun sapopoé nyarita ku basa Sunda. Maksudna mah lamun urang nyarita jeung papada urang sunda hayu make basa Sunda anu alus, anu merenah. Apan geuning basa sunda mah aya undah usuk basana, kumaha cara nyarita ka saluhureun, ka sasama jeung ka sahandapeun. Ngomong ka batur jeung ka sorangan ogé béda. Sabenerna henteu hésé lamun dibiasakeun ti bubudak mah, hésé soteh kulantaran teu biasa téa. Apanan urang mah, bisana basa Sunda téh anu kasar, basa Sunda lemes anu merenah mah teu bisa. Justru cenah, éléh ku urang Walanda basa lemes urang Sunda téh. Kunaon bet kitu atuh?

Meureun ieu tujuanana aya poe mieling basa indung téh. Sangkan basa indung teu kasilih ku junti. Hayu ah, da urang mah urang Sunda, tong éra maké basa Sunda. Bisi budaya urang bener-bener dibogaan ku bangsa deungeun. Salian ti ngomong ku basa sunda, urang paké basa Sunda dina rupa-rupa karya, seperti karya tulis, lagu, filam jeung sajabana.

 

Cah ah, duka k adieu heula!

Bagikan artikel ini:

Beri Komentar

Dr. H. CUCU JUNAEDI, S.Pd., M.Pd

- Kepala Sekolah -

Puji dan syukur kami panjatkan kehadirat Allah SWT, karena dengan rahmat dan karunia-Nya lah akhirnya Website sekolah ini dengan...

Berlangganan
Jajak Pendapat

Bagaimana informasi di web ini ?

Hasil
Banner