You need to enable javaScript to run this app.

PANGALAMAN PAMIARSA

  • Kamis, 17 Februari 2022
  • Dra. Omah Karmanah, M.M.Pd.
  • 3 komentar
PANGALAMAN PAMIARSA

 

KU : Dra. Omah Karmanah,M.M.Pd.

     Hiji mangsa basa kuring keur ngadagoan antrian di salah sahiji rumah sakit nu aya di wewengkon Cileunyi. Harita kuring rarasaan mah indit ti imah teh  isuk keneh,  da hayang meunang antrian nu pangheulana. Ehhh.... pas  datang kadinya teh antrian meni geus ngoraaay.. Kuring nanya kasalah sahiji budak ngora lalaki kira-kira umur 25 tahunan. Ceuk kuring,”Jang tungtung antrian palih mana?”. Budak ngora teh ngajawab bari seuri ,”Tuh bu tungtung palih kulon”. Terus kuring nuju ka belah kulon nu dituduhkeun ku budak lalaki eta. Gek kuring diuk handapeun tangkal nu aya di taman nu di tembok,gigireun ema-ema sapantar kuring. Mimitina ngaler ngidul kuring ngobrol. Malah gigireun kuring gek deui diuk hiji awewe kira-kira umur 40 tahunan mah . Terus ngobriol kaditu kadieu. Tepi  tungtungna ngobrolkeun masalah sakola. “Meni pusing nya ku aturan ayeuna mah ”,pokna ka anu diuk gigireunna. “Aturan naon kitu Ceu ?” Ceuk anu sabeulahna.  ‘Muhun eta budak sakola, ari emol baruka, ari sakola karek ge asup geus tutup deui ,BDR cenah ceuk guruna teh”. “Naon BDR teh Ceu ?" Ceuk nu saurangna. “Enya BDR teh cenah mah belajar dari rumah”. “ Sanes Beak Duit Receh.. Ceu ?”. “Muhun nya beak duit receh ge kangge meser pulsa”. Cakakak atuh nu aya didinya saleuseurian. Kuring ge milu seuri . Ari pok teh nu gigireun kuring nyarita, “ Enya BDR BDR teh nyenangkeun guru weh nya?’ Naaa atuh meg teh  hate kuring meni mentegeg asa ngagendok . “Enya digajih weh bari cicing da teu ngajar ka budakna ge” cenah pokna teh .Ceuk kuring, “dimana sakolana murangkalih teh bu ? Pokna “di SMP 3 Cileunyi  kelas 7” Kuring beuki keuheul. Ah kuring teu loba nyarita, naon dilayanan ge ka bau-bau sungut da moal ngartieun.

     Ngan saeutik kuring nyarita, “Muhun abdi ge kalah nambihan pidameleun ngawulang di rorompok teh , malihan mah mening ngawulang di sakola mung dugi jam satu”. “Di rorompok mah  ngaladenan murangkalih nu nga WA kadang dugi ka wengi jam 10 ge aya keneh nu nga WA”. Na…. atuh eta mah nu nyarita nyenangkeun guru BDR teh , jiga nu reuwas kalayan semu beureum beungeutna teh.. Nu gigireun kuring nyarita pokna “Oh….ibu teh  ngawulang ?” Ngan harita teh kaburu satpam nitah antri ngadeukeutan pagawe nu ngalayanan pendaftaran pasien,, atuh teu diteruskeun obrolan BDR nyenangkeun guru teh Duhh rada gendok oge hayang ngajelaskeun ka anu nyarita tadi teh…Tapi keun bae ah da nu nyaritana ge jigana jelema nu teu pati ngarti…Tah numatak lamun di tempat umum ulah cumarita atawa ngomongkeun hal-hal anu matak nyinggung hiji profesi bisi dina kumpulan eta teh  aya profesi nu ku urang dicaritakeun atawa digogoreng. Karasa ku kuring rada kasinggung oge kunu nyarita tadi teh..

     Cag teundeun dihandeuleum sieum tunda dihanjuang siang ..in sya allah urang sambung deui dina pangalaman pamiarsa anu sanesna. 

 

Koda atawa amanat  tina pangalaman sim kuring arek dijieun kana sisindiran  ah...

 

Meuli limun  ti Korea

Tomat mah ti Ciganea 

Mun arek cumarita dibalarea

Omat ulah samanea

 

Meuli jaer ti Ciwaru

Meuli lobak ti pa RW

Pajar teh BDR nyenangkeun guru

Padahal mah loba nu kudu dipigawe

 

Gentong taneuh  dibeulahkeun

Anggur leutik aya sireuman

Tong loba silih salahkeun

Anggur ngatik babaraengan

 

 

 

Bagikan artikel ini:

3 Komentar

"Sae pisan bu....ngemutan ulah asal nyarios komo di tempat umum."
17 Feb 2022 19:43 Euis yuyun s
"Wios bu Om...eta mh teu ngartos sareng kirang faham kana profesi guru kmha nu saleresna th...???? Pas sakola irang deuih...beuuuu1????????"
17 Feb 2022 13:30 Elin Kamialin
"Kena batunya, hahaha...., disangkana guru teh senang, puguh puyeng, nya Bu?"
17 Feb 2022 13:28 Sumtati

Beri Komentar

-

- Kepala Sekolah -

Puji dan syukur kami panjatkan kehadirat Allah SWT, karena dengan rahmat dan karunia-Nya lah akhirnya Website sekolah ini dengan...

Berlangganan
Jajak Pendapat

Bagaimana informasi di web ini ?

Hasil
Banner