PENDAK DEUI SARENG HAWU
PENDAK DEUI SARENG HAWU
Ku Sumyati
Wanci sariak layung, anu garawé di bangunan geus singkil baralik ka imahna séwang-séwangan. Sedengkeun anu matuh nyicingan rangkay gedong, geus katémbong beberesih. Aya ogé anu masih kénéh mandi. Ieu tempat téh legana ampir dua héktar. Ngeblak-ngeblik jadi datar. Plung plong titingalian ka kénca jeung katuhu teu aya pangaling-ngaling. Rét ka beulah kidul Masjid Aljabar méntéréng agréng. Aya imah warga ogé, ngan masih ancal-ancalan teu siga di kota. Sigana mah lamun éta gedong sakola geus bérés mah, bakal ramé éta tempat téh. Rét ka beulah kulon pamandangan pasir anu héjo lémboh ku tutuwuhan. Sidik ayeuna mah lamun, ieu tempat perenahna di luhur. Buktina ningali ka sabudeureun tempat ampir papak jeung pasir anu peuntaseun. Leuweung anu asri kénéh matak betah tumaninah. Ngan baé taneuh beureum anu anyar didozer katinggang cai hujan jadi belok lamun ditincak, sok komo disapatu anu maké hak, pasti nanceb moal bisa dijungjungkeun.
Tetela ieu tempat téh asalna mah leuweung. Ceuk béja anu garawé basa mimiti ngabuka éta lahan, lamun peuting loba bagong pating kudusul ka saung. Sigana ngambeu sampeu anu diteundeun dina tungku batu luareun saung, bekel anu garawé. Da lamun cacakan ukur sorangan atawa duaan di jero saung moal wani meuting di dinya, cenah. Kulantaran lobaan aya kana dua puluh urangna bagong anu sing kudusul tengah peuting téh sok rajeun diboro. Pajarkeun téh geus teu sieun deui wé ku bagong téh.
Sanajan leuweung, perenahna sisi jalan gedé kaasup jalan kabupatén. Ngahaja arék ngabangun tempat kuliahan didinya. Apan di cianjur pakidulan mah acan aya paguron luhur. Tempat éta anu kacileuk tengah-tengah katepi ti unggal kacamatan. Nepi ka kiwari geus sataun ieu tempat téh dibukana. Saung anu mimiti mah geus dirubuhkeun ku bulldozer. Apan baheula mah éta tempat téh rada miring. Malahan ka beulah tukangna mah jungkrang. Tah dina jungkrang éta tempat panyumputan bagong téa.
Di jero bangunan anyar, kuring ngariung garogonjakan. Sono jeung pagawé anu araya didinya. Torojol aya supir datang. Cenah manéhna téh tos hajat aya dulurna kawinan. Rébo ku babawaan dua dus indomie dibeungkeut ku rapia. Èta dus buru-buru dibukaan anu eusina rupa-rupa kuéh amyang-amyang. Aya kuéh bolu, kuéh semprit, téngténg, peuyeum ketan jeung sajabana. Malahan dihandapna aya sababaraha bungkus sangu jeung goréng daging hayam, malahan rupa-rupa pasakan. Teu kungsi lila torojol deui ngajingjing kérésék. Tah ieumah daging cenah.
“Bu, buru-buru asakan ieu daging téh, bisi bau. Apan meureun geus lalapar acan kararaban sangu. Da ngadahar indomie tadi mah sok angger lapar deui,” ceuk salaki kuring bari ngagubragkeun kérésék daging sapi hareupeun.
“Dimana ngasakanana?” kuring nanya pura-pura teu nyaho.
“Itu di hawu, genah geura seuneuna geus ngagarabyag urut anu garawé tadi ngagoréng sampeu,” pokna bari nuduhkeun ka hawu di saung buruan gedong.
Tungku batu, jadi rusras inget deui ka nini jeung aki anu tos ngantunkeun. Siga teu pira, ceuk urang kota mah naon éndahna tungku batu. Kotor jeung haseup. Da pikeun kuring mah lain masalah tungkuna anu matak matri dina sanubari téh, tapi tapak lacak anu kungsi karandapan anu moal bisa poho, bakal terus nyantél jadi kenangan. Apanan kuring mah digedekeun ti lembut kénéh ku nini aki di lembur
Harita kuring kakara kelas tilu SD. Ku nini dititah mirun seuneu isuk-isuk téh. Apa nini harita téh arék maraban lauk ka balong bari ngala kacang panjang dina galengan sawah. Harita téh usum hujan, suluh teu aya anu garing, rajeun anu garing suluh jéngjén, pelepes teu daékeun hurung. Dikiplik ku hihid laun hurung, komo ngageberna bari jeung napsu, anu aya lebuna wé jadi ngebul. Leuwih sajam sigana téh, seuneu teu daékeun hurung. Antukna mah ambek nyedek, kaeung wé léwéh bari kokosodan pipir hawu. Buyeteng pinuh ku lebu, beungeut cémong. Atuh wanci nini datang ti balong téh lain nyampakeun sangu asak, tapi hawu acak-acakan.
Lain éta wungkul anu nineung téh. Lamun isuk-isuk bari hujan, siduru pipir hawu. Seuneu ngagarabyag komo suluhna tangkal kihiang anu garing. Bari nunguan sangu asak, mubuy sampeu atawa cau galék anu kakara manarusa. Hartina cau anu kakara harayhay konéng acan asak bener. Balakécrakan bari siduru, sanajan ukur ngadahar bubuy sampeu jeung kurud gula beureum, asa leuwih ni’mat harita, tinimang ayeuna ngadahar roti dina méja makan mah.
Ayeuna panggih deui jeung hawu. Tungku batu, tilu batu baruleud diriungkeun, luhurna maké palang beusi, sangkan katél atawa sééng bisa cicing teu bahé. Barang rét kana langseng gédé pulas hidung léstréng tara mandi sigana téh, balas ku dibeuleum. ceuk urang ditu mah buleng cenah. Paranti nyangu anu garawé. Aya ogé sééng kaléng, cenah paranti naheur cai. Ari kuring kukurilingan, lajag léjég ngajingjing kérésék daging, néangan parabot keur ngasakan daging. Rét kana katél anu ngan hiji-hijina urut ngagoréng sampeu. Tap kuring kana bedog anu ngagoler dina balé-balé. Ditilaman ku kantong plastik, deker wéh ngeureutan daging. Kakarék ogé sabaraha keureut, asa teu yakin ngasakan daging téh. Bisi béda kahayang.
“Ngasakan daging dikumakakeun, dibeuleum waé kitu? Tapi itu aya saté mah, bawa ti anu hajat téa,” ceuk kuring ngajorowok ka salaki anu rada anggang. Jabaning tiiran saténa, sasiku-sasiku panjangna. Ah, ieu mah asal asak wé, ceuk piker kuring. Da puguh néangan samara ogé ukur manggih uyah jeung salam. Da ari salam mah tinggal ngarawél di luhureun saung.
“Dikérécék wé daging téh ngarah ngeunah,” ceuk salaki kuring bari nyampeurkeun ka pipir hawu.
“Dikérécék téa kudu aya samara, bawang ogé apanan teu aya,” jawab kuring bari hantem nyiksikan daging ku bedog.
“Meuli atuh,” pajarkeun téh.
“Meuli kamana, teu apal dimana aya warung,” jawab kuring. Coba jalana ogé belok kitu, taneuh beureum anu anyar didozer, cepel kana sandal na ogé.
“Keun baé arék nitah ka barudak anu gawé,” pokna deui. Bari indit néangan jelema titaheun.
Ari disaung kieu téh asa jaman baheula waktu kuring dititah tunggu manuk di sawah. Lamun pare geus mimiti beuneur héjo sok ditunguan. Sapoe jeput di sawah lamun keur peré sakola mah. Lamun poénan sakola, tunggu manukna ti lohor tepikeun ka burit.
Bari tunggu manuk, sok rajeun papasakan. Nyieun tungku di kolong saung. Da raranjangan saung téh luhur, aya sameter mah jangkungna. Suluhna mah loba urut pager butut atawa rokrak meunang néangan ti sisi sawah. Ari anu dipasak, tutut meunang ngala tina sisi galeng sawah, handapeun paré anu buahna geus mimiti beuneur héjo. Sanggeus meunang sakaléng botan anu gedé, dikumbah tuluy digodogkeun. Samarana cukup ku uyah jeung konéng meunang ngali tina tamping sawah.
Sangkan teu ku angin, kolong saung gigireun hawu téh di kidingan ku samping. Bisi seuneu kakalincesan. Suluh garing kabeneran, teu hésé ngahurungkeun. Malahan mah kudu ditunguan diasur-asur seuneuna. Da ari suluh pancar mah gampang mapay seuneuna. Teu kanyahoan ti beulah wétan jol récét sora piit. Teu sieuneun ku bebegig sawah anu racap di sisi galeng jeung ditengahan sawah ogé.. Kapaksa ditéang, dibira-bira. Ari ras inget kana hawu, barang rét kasaung, samping anu dikidingkeun tadi geus béak ku seuneu. Cul manuk beletek deui ka saung ngabélaan samping anu geus tingal tungtungna sésa seuneu. Antukna mah ngahuleng wé sieun dicarékan ku nini, bari ningalikeun seuneu.
“Bu ieu bawang téa.” ceuk lalaki kira-kira umur 20 taunan ngagebah lamunan. Gebeg, reuwas. Nyaéta manéhna pagawé bangunan téa, ngarana si Barkah.
“Mung bawang wungkul anu aya, kécap sareng anu sanésna mah teu aya,” ceuk Si Barkah bari ngagolérkeun bawang bodas jeung bawang beureum gigireun.
“Muhun wios, étang-étang ngasakan tutut di saung sawah wé. Daging mah apan dibeuleum wungkul ogé raos, komo ieu dibawangan piraku sarua jeung angeun tutut onaman rasana.
Samara anu aya, ditambahan céngék tilu siki meunang ngoréhan sésa nyambel anu garawé. Direndos jeung uyah. Seuneu mah geus ngagarabyag urut tadi apanan ngagoréng sampeu. Brus wé bawang meunang ngarendos téh digoréngkeun dina minyak sésa ngagoréng sampeu..Hasuepna mulek jeung panas tina hawu. Pakeupis panon peurih ku haseup, jeung kekérépéngan kuhawa seuneu. Daging anu meunang nyiksikan dibanyur ku cai tina gallon, geus beresih mah brus wé dikana katélkeun. Geus di uyahan jeung digulaan meunang ménta ti si Amang anu gawé, paranti nyieun cai kopi cenah. Terus ditupan ku tutup langseng anu pulas hideung. Cul we sina ngageletrek, nepika asak.
Teu kungsi sajam, ogé seuneu dihawu mah téréh asakna. Tuluy wéh dikana piringkeun, dibawa ku barudak kana balé-balé. Panasaran hayang ngasaan papasakan téh asa naon.
“Bu, siga raos kaangseuna mah daging téh,” ceung si Bungsu bari nyeuseup haseup daging anu ngebul kénéh tina piring.
“Ibu téa, atuh!” témbal kuring.
Geus kitu mah breng wé, ngariung saréréa. Saté anu bawa ti anu hajat ogé geus dihaneutkeun deui dina hawu mah, ranyeng pada médol. Eta kerécék daging anu sapiring metung téh tinggal piringna. Meureun bener katarima sanajan samarana sarua jeung samara angeun tutut baheula téa. Teuing salam anu mawa seungit téh, teuing samara naon. Sigana meureun pédah masak dina hawu mereun. Apanan cenah beda, kaolahan diasakan dina hawu jeung dina kompor. Special resep karuhun meren.
Teu karasa waktu téh, pakepuk jeung haseup di hawu mah. Wanci geus reupreupan. Lamun seug usum halodo mah meureun di palataran anu sakieu ublug ablag téh kasorot ku layung beureum. Matak betah tumaninah. Lain ieu mah rét ka kénca jeung katuhu ukur pepedut hideung, sésa hujan tadi beurang, jeung sigana moal lila deui ogé bakal turun hujan. Atuh geus solat magrib mah didinya, dibangunan anyar, buru-buru wé balik muru kana mobil anu di parkir di gerbang hareup. Bebelekukan leumpang mapay taneuh beureum, lumayang jauh ogé ti tungtung kalér ka tungtung kidul téh. Aya wé meureun lima ratus meter mah leumpang.
Komentar
Ni waas eta hawu, seeng, katel... Da leres masak dina hawu mh nambih citarasa, janten langkung raos numutkeun kuring nu urang lembur mh....
Komentari Tulisan Ini
Tulisan Lainnya
KUNCI KESUKSESAN RAFA
KUNCI KESUKSESAN RAFA Oleh: Alya Winanda Syawalina Rizki (Juara I Lomba Menulis Cerpen Rayon 5 Kabupaten Bandung) Cuaca pagi ini sangat cerah. Kulihat senyuma
NGANJANG KA BULAN
NGANJANG KA BULAN Ku Sumyati Wanci nyérélék maju ka peuting. Hawa di kamar beuki bayeungyang waé karasana ku Néng Asih m
TERJEBAK TULISAN SENDIRI
(Oleh: Sumyati ) Mobil xenia putih berhenti pas di depan gerbang utama rumah berlantai dua. Rumah berpagar batu alam yang terletak di jalan utama terlihat
PUISI RAMADAN
PRAKTIK ZAKAT oleh Sumyati antrian anak pria wanitasatu persatu mendekati mejadijaga tiga anak beliadepan kelas merekadi tangannya uang recehan enam lembar lima ribuan anak berkemeja
PUISI RAMADAN
BAJU LEBARAN Oleh Sumyati tradisi idul firtiyang tak terpungkiridari cacah hingga priyayiwalau lidah mengingkari, meredam hatidari rayuan mata kanan dan kirishopee, lazada dan toko pe
PUISI RAMADAN
ISYA Oleh Sumyati Rasululloh bersabda:subuh dan isya adalah salat terberat bagi para munafikpadahal telah alloh persiapkan pahalasetara pahala salat sunat sete
KUTIFAN AUTO BIOGRAFI
ANTARA TUGAS NEGARA DAN ANAK H.R. Tirmidzi Dan ketahuilah, sesungguhnya kemenangan itu beriringan dengan kesabaran. Jalan keluar beriringan dengan kesukaran
RAMADAN BERPUISI 3
PESAN AR-RAHMAN Tahukah Kalian: kenapa allah menciptakan mahluknya berpasangan? ada kemarau ada hujan ada panas ada dingin ada susah ada sena
RAMADAN BERPUISI 2
RASA, CINTA DAN DOSA Masih tentang hati dan rasa yang tak mampu berhenti mengeja angan, harapan dan kenyataan duka, lara dan kecewa hingga cemburu mengusut na
ADAKAH YANG KAU LIHAT TAK SEIMBANG Oleh : Omah Karmanah
GAPAILAH CITA-CITAMU SETINGGI LANGIT, TERBANGLAH SAMPAI KE ATAS AWAN TANPA SENGIT , TUK MENGGAPAI CITA-CITA DAN HARAPAN, TETAP SEMANGAT TUK MASA DEPAN WALAU GELOMBANG DATANG
He he... Mung anu pernah di lembur, anu ngartos dunia perhawuan, urang kota mah moal terangeun anu kutu. Hi hi....