• SMP NEGERI 3 CILEUNYI
  • TAQWA, CERDAS, KREATIF, INOVATIF

Nyupiran atawa Mayar Supir

 

Bisa Nyetir atawa Mayar Supir?

 

Ku Sumyati

“Mah, ayeuna mah diajar nyetir téh asakeun! Mahal ngagajih supir téh. Komo ayeuna Si Doni ménta ditaékeun gajihna. Sok wé, ari Mamah bisa mayaran mah,” ceuk salaki kuring bari singkil arék indit. Cenah mah arék ka luar kota. Da geus teu anéh deui, manéhna mah tara lila cicing di imah. Paling sapoé atawa dua poé tina saminggu téh, geus kudu indit deui. Jadi hirup kuring mah sapopoé di imah téh opatan jeung barudak ditambah supir saurang, Mang Doni. Kitu ogé ukur sebat kuring sakola opat poé, kemis mah balik ti sakola sok langsung balik ka Cianjur. Da manéhna téh urang Cianjur.

 Bageur si Mang Doni mah. Keur mah santri, leket kana ibadahna. Ari mawa mobilna apik. Tara karasa ngajedud lamun ngoper gigi, teu siga supir angkot sok ngagibeg lamun dina pengkolan. Nepi ka harita teuing geus sabaraha puluh urang gunta ganti supir, geus poho deui. Da kalolobaana mah sok ngarangkep supir bapana. Bener da lamun dipikir-pikir mah, perjalanan kuring ka sakola unggal poé téh béak ku ongkos. Geura wé bayangkeun, lamun bensin sapoé lima puluh rébu, gajih supir jaman harita taun 2011, sajuta. Acan kaitung jajan mah, da tara angger. Sésa cicilan ka bank téh, ludes wé dipaké ongkos ka sakola.

Omongan salaki nitah ngasakeun nyetir, kapikiran. Heueuh kuring téh bet bodo-bodo teuing. Teu salah da omongan salaki téh. Coba lamun bisa nyetir ku sorangan, bébas kuring arék kamana waé, moal kudu ngadadago supir. Lamun supir balik atawa telat datang, kuring kadang bedo indit ka sakola. Lamun hayang jalan-jalan ka kota atawa pelesiran ogé, anger wé kudu naék karéta. Ceuk tatangga anu sapipir sok pirajeunan ngagonjak ari arék indit-inditan poénan peré sakola.

“Candak atuh Bu mobilna,” pajarkeun téh bari seuri. Kuring mah ukur ngajawab ku seuri dui, wé.

Geus tingarkalongeun deui wé, ceuk paribasa kolot baheula mah. Da ku salaki rajeun disebut, “Bodo-bodo teuing diajar nyetir ti jaman baheula teu bisa-bisa.” Da bener atuh ti mimiti rumah tangga taun 1995, ku salaki sok diajarkeun nyetir. Ngahaja di komplék perumahan anu kakara dibuka. Cenah mah ngarah jalana alus, sepi tara aya kendaraan nyiliwuri. Malahan mah sok peuting diajar téh. Beubeunangan diajar harita, asa euweuh tapakna. Kakara diuk nyanghareupan setir geus ngésang ngoprot. Anu kabayang téh sieun mobil maju teu pupuguh. Tipepereket nyekelan setir, bakating sieun maju. Cenah suku kénca nincak kupling, suku katuhu nincak gas jeung rém. Saméméh nyetater diapal-apal dina haté, da bisi poho.

“Geura stater, Mah!” ceuk salaki. Sanajan acan boga budak harita sok nyebutna mamah. Dipetakeun cara nyetater mobil. Kontakeun stater bari lalaunan, gas diteken. Suku kénca atur kupling lamun arék berangkat. Kadé poho, rém tangan leupaskeun heula. Da moal maju ari rém tangan masih ngonci mah. Terus  ieu perseneleng, atur gigi lamun arék maju. Dina gigi hiji wé berangkat mah, kakara gigi dua lamun geus maju. Kabeneran mobil anu dipaké diajar téh mobil Kijang Super meunang ngaréntal. Kagok moal waka dipulangkeun, da masih aya kénéh waktu mending dipaké diajar heula.

Suku kénca nanceb dina kopling, suku katuhu nincak rém. Lalaunan konci kontak diputer ka katuhu, bari ngeleper. Tuur nyorodcod, sieun belesat mobil maju.

“Dreded! Dreded!...” tibah ukur bisa kitu.

“Tincak gas lalaunan, Mah!” ceuk salaki leuleuy. Moal daekeun hirup atuh ari nincak rém teterusan mah. Ieu suku rék mindahkeun tina erém kana gas, beurat siga ditindihan batu. Babacaan bismilah teung geus sabaraha ratus kali. Ahirna mah, berhasil wéh mobil disada.  

“Buka rém tangan!” pokna bari mindahkeun leungeun kénca kuring kana rém tangan. Dicekel pageuh éta rém tangan, da kabayang lamun dibuka sieu ngabelesat.

“Buka rém tangan, bari angkat lalaunan koplingna, gas atur saeutik-saeutik!” ceuk salaki téh. Sabar wé sanajan kuring pikasebeleun.

Sanggeus narik napas panjang, panon melong kana setir, jeung ngarérétan posisi suku di handap.  Bari ngadégdég, kupling diangkat disakalikeun.

“Jedud!” reg mobil paéh.

“Atuh da, pantes wé mobil na paéh, éta rém tangan teu bibuka,” ceuk salaki mimiti keuheuleun. Kitu jeung kitu wé, teu indit-indit. Antukna mah salaki téh keseleun, tuluy ngajak balik bari kukulutus.  Ti harita tara diajar deui jeung manehna, kuring embung lamun rajeun ditawaran deui ogé, da bongana sok dicarékan tungtungna lamun teu bisa waé.

Sanggeus boga anak dua, masih laleutik kénéh pisan. Anu kadua ogé kakara dua taun. Kabeuli mobil Jip Katana beureum. Ceuk salaki kuring, ieu mobil urang paké tilu poé séwang. Senén tepika Rébo bagéan mamah, bapa mah Kemis nepika Saptu. Anu matak jadwal ngajar kudu akur jeung jadwal maké mobil. Kabeneran, da paménta ka bagian kurikulum téh sok ditegunan waé. Pédah meren kuring mah jauh, tara dipungpang lamun aya paménta téh.

Harita kuring kursus nyetir saged pisan salila saminggu. Sanggeus rada bisa mah, barudak sok rajeun milu kursus. Atoh indungna bisa nyetir, malah hariweusweus bebeja ka bapana. Si Ibu bisa nyetir cenah. Singkat carita, kuring geus boga SIM. Da jaman harita mah, bérés kursus téh dipangnyieun keun SIM, teu siga jaman ayeuna hararésé.

“Pah, tos gaduh SIM ayeuna mah. Anu nyetir mamah, nya?” ceuk kuring bari melong ka salaki hayang disatujuan.

“Syukurlah, hayu urang ka Palabuanratu téa ayeuna. Geura singkil. Kamu nyetir, dibarengan ku si Uyung. Da Papah acan percaya nyetir mamah. Papah mah arék diuk di tukang jeung barudak,” salaki kuring ngatur tempat diuk.

Sumanget kuring geus anyeucleu nyanghareupan setir. Rada degdegan saeutik, lantaran arék diuji nyetir ku salaki. Apal manéhna sok réwél, bawél, ujungna nyarékan lamun teu bener. Sanggeus ngadoa, muntang-muntang ka Alloh neda dilancarkeun, disalametkeun di perjalanan.  Nyetir mimiti mawa keluarga, ceuk haté kuring.

Jung mobil indit, lancar teu aya masalah. Di tukang bapana ngagonjak teu daék répéh jeung barudak, saruana.

“Sing pageuh muntang, Néng!” ceuk bapana

“Muhun, ieu ogé nyepengan Tarik, bilih tidagor deui cara basa harita geuning,” tembal si cikal.

Kuring teu némbal océhan anu ditukang. Pokus wé ka hareup, sabab éta dihareup parapatan. Téori-téori ceuk instruktur kursus masih ngancik dina otak, dimana manggih parapatan atawa pengkolan, tong poho nincak erém, bisi mobil ngabelesat neunggar batur.  Lampu sénsén kénca mah geus dihurungkeun, tandana mobil arék méngkol ka kénca. Pelebah erém, poho antara suku kénca jeung katuhu. Jeung poho anu mana gas jeung erém. Na … atuh ari belesat mobil Tarik. Di tukang barudak sing kocéak, bapana ngajorowok.

“Reeeemmmmm!” spontan kabéh ngagorowok.

Astagfirulloh. Sakiceup mobil geus meuntas di beulah katuhu, ampir asup ka pakarangan warung. Jajantung Ratug tutunggulan. Mana di tukang anu nyarékan teu daék répéh. Sadar salah suku lain nincak erém, malah nincak kana gas.masih untung, kaburu kénéh éling mindahkeun suku kana erém bari ngabantingkeun setir. Alhamdulillah salamet, orokaya sapanjang jalan jadi bahan olok-olokan. Kapaksa jempé wé narimakeun salah. Sanggeus anjog ka jalan raya mah, salaki geus teu percayaeun, dibikeun we ka supir nepi ka palabuhan ratu.

Ti harita kuring eureun tara nyabak deui setir. Salaki teu percayaeun, kuring na ogé teu luas nyetir sorangan. Nepika taun 2011, poe harita SIM téh geus paeh. Kuring bingung, salaki embung mayaran gajih supir. Tapi sugan wé lamun kursus deui mah, langsung dipangnyieun keun deui SIM cara baheula. Rék alesan ka salaki téh, ménta dikursuskeun deui wé, ngarah sakalian nyieun SIM, ceuk gerentes haté kuring. Engké lamun manéhna balik ti luar kota, arék bébéja. Poé éta téh da kabeneran poé Jumaah, kuring euweuh jadwal sakola. Bapana indit jeung supir manehna, Kang Umar. Kuring mah di imah nyeuseuhan baju anu numpuk samingu kakara kapigawé harita.

Ari peuting kira-kira jam 12.00, keur tibra saré aya telepon disada. Horéam-horéam ogé diangkat da meni geus aya lima kali panggilan. Penting meren, ceuk gerentes haté. Ari rét, anu nelepon téh Kang Umar. Aya naon tengah peuting kieu.

“Bu, bapa kacilakaan. Nabrak kaca. Ayeuna nuju di rawat di ICU Gatot subroto. Koma,” pokna.

Beg! Haté ngagebeg. Jantung asa murang. Dunya asa ngadadak poék. Ngajerit nyambat bapana, bari terus ngarumpuyuk. Leuleus asa teu aya tangan pangawasa. Barudak jul jol ti kamarna muru kuring anu ngalungkuruk di tengah imah. Barudak ogé jempé, teu sakemék-kemék acan geus apal bapana cilaka téh. Ras inget, tadi isuk manéhna amanat kudu bisa nyetir. Meureun ieu téh kila-kila manéhna bakal kieu. Bakal ninggalkeun kuring, moal bisa mayaran supir deui.

Sumegruk paungku-ungku opatan jeung barudak. Jauh panineungan, budak tilu masih laleutik sakola keuneun. Cicing di Bandung lieuk deungeun lieuk lain. Tempat tugas jauh, ka indung bapa jauh. Bari ayeuna di rumah sakit oge jauh, teu apal kudu kumaha kadituna.

“Bu Gatot subroto di mana? Di Bandung sanes?” ceuk si bungsu bari rambisak.

“Di Jakarta bageur. Tebih!” jawab kuring bari ngusapan sirah si bungsu. Kacipta, ieu budak bakal jadi anak yatim. Segruk deui wé kuring ceurik opatan paungku-ungku.

“Urang ngaos, hayu! Abdas!” ceuk kuring. Atuh barudak pating koréjat kacai terus ngaji Surat Yasin cacap tepika isuk.

Sanggeus solat subuh, kiriling deui telepon. Kuring curinghak, buru-buru telepon diangkat. Panasaran sugan wé berita anu hadé.

“Bu, Alhamdulillah si bapa sadar tina komana,” ceuk Kang Umar.

Bray dunya asa caang deui. Alhamdulillah ya Alloh, salaki kuring sadar deui. Kuring jeung Barudak sujud syukur ka Alloh, Yakin Alloh maha welas maha asih. Ngajerit muntang-muntang ka Gusti, sangkan bapana dipaparin umur panjang.

“Ibu teu kedah ka Jakarta, sawios percantenkeun ka abdi sareng rengrengan ti partey. Da sumping ka Jakarta téh sareng rombongan, Bu. Apan panginten ibu teu terang ka Jakarta, bade kumaha, kantenan teu aya supir. Sawios da pami, bapa parantos rengsé operasi, engké sonten badé dipaksa dialihkeun ka RS di Bandung,” ceuk Kang Umar nuluykeun omonganana.

Sanajan haté bungah, bapana sadar deui. Tapi angger hatémah ngarasa teu puguh, da acan katinggali. Angger wé anu kainget téh amanat poé kamari sa méméh indit nitah ngasakeun diajar nyetir. Sieun ieu omongan jadi kecap panungtungan. Acan puguh siga kumaha, da teu katingali ari teu jonghok mah. Ari indit, indit kumaha, da teu apal Jakarta, bari budak laleutik kénéh.

Dua puluh opat jam ti harita nungguan nepi ka Bandung. Ari jol tina ambulan, awak ranteng ku kabel impusan, jeung kabel transfusi darah anu tinggal satengah deui. Dina tarang meulit katukang, urut operasi masih diperban keneh. Da eta cenah lukana dina sirah anu matak nepika koma ogé. Turun tina ambulan dipayang kana blangkar. Sanggeus dipariksa di IGD, terus didorong asup kana lift ngajugjug lantai genep, kamar anu geus dipesen kuring ti saméméhna. Geus dionlainkeun ti Gatot Subroto kénéh ka rumah sakit éta.

Sanggeus bérés diperenahkeun ku suster, kakara kuring jeung barudak bisa nyampeurkeun. Teu karasa cimata ngeclak, Kamari indit ti imah masih jagjag waringkas, ayeuna balik teu walakaya, ngajepat teu bisa malik-malik acan. Nyah katingali socana beunta, neuteup ka kuring jeung barudak anu ngariung sisi ranjang. Kuring asa bungah kacida. Anu ti Kamari diceungceurikan kiwari bisa patepung teuteup deui.

Nempo kuring rambisak, barudak ogé sarua pating aringsreuk bari ngusapan lebah sampéan bapana. Lalaunan kuring nyagap panangan katuhu anu nganteng impusan. Bari asa risi rék nyagap téh, bisi nyerieun. Tapi bapana sadar, lalaunan ngaranggeun dampal panangan lami pisan.

“Papah tos sehat, tong ceurik,” pokna sasauran halon pisan.

Hate beuki ngarakacak sedih, teu kawawa cipanon murubut maseuhan panangan bapana anu pageuh nyepengan.

“Kursus nyetir deui! Biayana engké ditransfer.” Anjeuna neraskeun sasauranana.

“Teu kedah, apan badé ngurus bapa,” jawab kuring dareuda.

“Tong mikiran bapa, tuh suster loba gareulis, pokona bapa balik ti dieu kudu geus lancer nyetir,” pokna deui bari seuri.

Geus mimiti ngoconan, sanajan bari gering teu walakaya. Anu ngalonggok ngabrul, dosén jeung mahasiswa karyawan. Amplop jeung tanggeuyan kadaharan loba pisan. Kakara sapoé di RS swasta di Bandung, katingali perkembangan kasehatanana. Atuh geus dua poé mah, kuring bisa kursus nyetir téa, da sabenerna mah sapoé kursus ogé bisa lancar. Anu hesé mah nyieun SIM apan sim tiheula geus teu bisa dipaké.

 

Cag dugi kadieu heula.

 

 

 

 

Komentar

Sae pisan caritana .. kalimahna ngaruntut, HADEE pokona mah????

Rame

Komentari Tulisan Ini
Tulisan Lainnya
APLIKASI CBT UNTUK UJIAN DI SMPN 3 CILEUNYI

Berikut ini aplikasi untuk ujian di smpn 3 cileunyi.   Ket.: Aplikasi ini tidak berbahaya jadi jika ada permintaan izin silahkan izinkan     Aplikasi untuk Android

30/11/2023 05:54 - Oleh Team_IT_smpn3cileunyi - Dilihat 1594 kali
KUNCI KESUKSESAN RAFA

  KUNCI KESUKSESAN RAFA Oleh: Alya Winanda Syawalina Rizki (Juara I Lomba Menulis Cerpen Rayon 5 Kabupaten Bandung)    Cuaca pagi ini sangat cerah. Kulihat senyuma

20/10/2022 14:16 - Oleh SUMYATI - Dilihat 764 kali
NGANJANG KA BULAN

  NGANJANG KA BULAN Ku Sumyati   Wanci nyérélék maju ka peuting. Hawa di kamar   beuki bayeungyang waé karasana ku Néng Asih m

22/09/2022 16:35 - Oleh SUMYATI - Dilihat 712 kali
TERJEBAK TULISAN SENDIRI

     (Oleh: Sumyati )   Mobil xenia putih berhenti pas di depan gerbang utama rumah berlantai dua. Rumah berpagar batu alam yang terletak di jalan utama terlihat

16/09/2022 19:36 - Oleh SUMYATI - Dilihat 747 kali
PUISI RAMADAN

PRAKTIK ZAKAT oleh Sumyati antrian anak pria wanitasatu persatu mendekati mejadijaga tiga anak beliadepan kelas merekadi tangannya uang recehan enam lembar lima ribuan anak berkemeja

23/04/2022 06:38 - Oleh SUMYATI - Dilihat 1103 kali
PUISI RAMADAN

BAJU LEBARAN Oleh Sumyati tradisi idul firtiyang tak terpungkiridari cacah hingga priyayiwalau lidah mengingkari, meredam hatidari rayuan mata kanan dan kirishopee, lazada dan toko pe

23/04/2022 06:32 - Oleh SUMYATI - Dilihat 650 kali
PUISI RAMADAN

    ISYA Oleh Sumyati   Rasululloh bersabda:subuh dan isya adalah salat terberat bagi para munafikpadahal telah alloh persiapkan pahalasetara pahala salat sunat sete

21/04/2022 17:10 - Oleh SUMYATI - Dilihat 986 kali
KUTIFAN AUTO BIOGRAFI

  ANTARA TUGAS NEGARA DAN ANAK    H.R. Tirmidzi Dan ketahuilah, sesungguhnya kemenangan itu beriringan dengan kesabaran. Jalan keluar beriringan dengan kesukaran

16/04/2022 20:37 - Oleh SUMYATI - Dilihat 1016 kali
RAMADAN BERPUISI 3

    PESAN AR-RAHMAN    Tahukah Kalian: kenapa allah menciptakan mahluknya berpasangan? ada kemarau ada hujan   ada panas ada dingin ada susah ada sena

16/04/2022 20:05 - Oleh SUMYATI - Dilihat 771 kali
RAMADAN BERPUISI 2

  RASA, CINTA DAN DOSA    Masih tentang hati dan rasa yang tak mampu berhenti mengeja angan, harapan dan kenyataan duka, lara dan kecewa hingga cemburu mengusut na

16/04/2022 19:58 - Oleh SUMYATI - Dilihat 618 kali