You need to enable javaScript to run this app.

DIAJAR MOBIL

  • Selasa, 01 Maret 2022
  • Euis Yani, S.Pd.
  • 13 komentar
DIAJAR MOBIL

Teu burung kasorang meuli mobil teh sanggeus kukumpul mangtaun-taun, sanajan ngan ukur mobil ‘second’ oge.  Harita munggaran pisan basa  boga mobil.  Maksudna meuli mobil teh lain pedah keur gagayaan, hayang dipuji ku batur, dulur atawa tatangga tapi memang estuning ieu mah sigana geus jadi kabutuhan sabab boga barudak nu laleutik keneh. 

Budak teh aya dua nu ayeuna keur meumeujeuhna lalucu,  Awakna ray poe teh beuki gede wae, geus teu bisa diais deui.  Komo si bungsu mah, awakna meni morontod jeung rada gendut jadi lamun iinditan opatan kana motor teh kuring mah kabagean diuk pang tukangna bari bujur mah sok ngarasa nyeri balas ngadiukan palang beusi nu ayana ditukangeun jok motor.  Komo deui lamun pas palebah ngageleng polisi tidur, ‘wadduuuh’ kudu tipepereket muntang nyekelan kasalaki da sieun ngacleung tea.  

Sakalieun lamun kudu iinditan opatan kana motor teh, sibungsu diukna dihareup jeung si cikal ditengah, nya kuring nu ditukang.  Lamun pareng hayang ningali jalan ka hareup jang nempo pijajalaneun, kapaksa diuk kudu bari rada nyanggeyeng kakatuhu da kahalangan ku awak budak nu geus mimiti jangkung,

“De, tungkul. Bapak teu katingal jalan”, ceuk bapana ka budak nudiuk panghareupna. Nya kitu tea, ti harita jadi kapikiran hayang boga mobil teh.  Alhamdulillah, aya rezekina bisa meuli mobil urut nu warnana beureum,  menang kahayang.

Caritana eta mobil teh geus aya sabulana nyicingan garasi imah. Mobil teh dipakena ngan sakali saminggu, da salaki mah indit ka kantorna oge angger we make motor. Lain teu hayang eta oge ngan ambeh tereh nepi da cenah sok macet lamun kanu mobil mah moal bisa seselepet.  Poe Saptu atawa Minggu sok ngahajakeun ngajak barudak jalan -jalan, salian ti refreshing oge masih geugeut ka si beureum, maklum anyaran boga mobil. Unggal poe mobil ditatap diusap bari teu weleh ngucap syukur ka Allah geus kabeuli mobil.

“Mah, hoyong jalan- jalan atuh”, ceuk si bungsu nu geus aya gigireun.

“ Muhun, engke ngantosan Bapak uih nyak”, jawaban teh.

“Ku Mamah weh atuh disetirana”, pokna teh deui.

Kuring ngahuleng, kapikiran ku omongan eta budak. Aya rasa jadi hayang bisa kana mobil, dipikir-pikir aya benerna budak teh, lamun dina aya karerepet terus salaki euweuh rek kumaha. Gilig, kuring rek diajar kana mobil.

Waktu Bapakna barudak tos mulang

“Pak, Mamah hoyong diajar mobil nyak”,  nyarios ka salaki nu keur calik bari lalajo TV. Salaki rada ngahuleng teu langsung ngajawab, tapi antukna mah teu burung we ngijinan, sanggeus mamatahan kudu kitu kudu kieu, ulah kitu ulah kieu, jeung rea rea deui,

            Harita poe Saptu geus gilig rek ngamimitian diajar mobil tea. Kabeneran di deukeut imah aya lapang nu lumayan lega.  Bismillah..mobil geus kaluar ti garasi terus dibawa ka lapang, barudak nu dua sumanget pisan hayang ningali kuring latihan mobil , Maranehna narungguan di sisi lapang handapaeun tangkal.  Kuring geus anekleng dina jok tukangeun setir , salaki calik di gigireun bare mamatahan.

Sakeudeung oge kuring geus bisa maju, mundur, belok kenca, belok katuhu kalayan lancar. Duka pedah laleuga jeung datar deuih jalanna.

Barudak aratoh kacida ningali kuring bisa kitu teh,  Maranehna keprok, terus sibungsu mah ngacungkeun dua jempol leungeuna, “Mamah hebat, mamah hebat..”, pokna. Kuring seuri bungah.

Poe isukna poe minggu ku kabeneran aya alo datang ti soreang ngadon ulin, Tos biasa ari libur kuliah manehna sok remen ulin ngadon ngusep dibalong tukangeun imah. Sakalian we kuring menta dibaturan diajar mobil deui, sanggeus menta ijin ti salaki akhirna mobil dikaluarkeun kunu jadi alo, sanggeus diluar garasi mah gentian kuring nu diuk ditukangeun setir, manehna digigireun kuring. Ningali mobil dikalurkeun barudak nu keur arulin ibur harayang milu. Akhirna dina mobil teh rame da aya budak kuring duaan ditambah ku alo kuring duaan nu awewe teu beda jauh umurna barudak teh ditambah deuih jeng indungna nyaeta lanceuk ipar kuring hayang milu cenah bari hayang jalan-jalan. Puguh rame sajajalan balagonjangan.

            Lalaunan ngajalankeun mobil teh cukup dina gigi dua, nu penting lancar, harita dijalan teu pati rame jadi teu loba parewis jeung mobil, estuning lancaaar..car.. car.       Teu karasa geus nepi ka belokan komplek imah.

Geus katingali imah kuring, siap siap rek nincek erem. Maksud mah  rek nincek erem, tapi kalah gas nu ditincek, atuh biusss weh mobil the ngabius Tarik pisan, kuring reuwas, gugup, kabeh ngajorowok,

 “erem mamah..erem”.

Teu talangke deui kuring ngejetkeun suku terus nicek erem satakerna, cekiiiiiit…gudubraag. “Aduuuh….”. kadenge sora alo kuring ngagoak titukang. Mobil eureun sakaligus hareupeun imah batur nu aya ditungtung jalan komplek. “Alhamdulillaah..teu nabrak”, na gerentes hate . Kuring buru-buru ningali katukang, ret ka si bungsu manehna nyengir bari ngacungkeun dua jempol lengeun “Mamah hebaaaaaat”, pokna. Ret ka si cikal beungetna pias teu lemek teu nyarek. Ret deui ka nu lain, gebeg kuring ngagebeg, ningali budak keur nyungsep dihandap bari nyekelan tarang. Ningali kitu  nu tadina reuwas jadi hayang seuri, akhirna teu kuat kuring ngabarakatak dituturkeun ku  nu lainna oge jadi tingbarakatak.

            Kajadian kamari teu ngajadikeun kuirng kapok diajar mobil tapi kalah leuwih sumanget. Isukna poe Minggu kuring ngajak salaki  latihan mobil deui, tinggal ngalancarkeun ieu mah. Barudak teu Marilu duka kapok duka pedah keur arulin jeung babaturanana. Latihanana di lapang nu dekeut imah kukurilingan tepi ka lancar pisan. Beres latihan mobil masih disetiran ku kuring ka hareupen imah. Jut salaki turun, terus muka pager garasi. Kuring siap-siap rek ngasupkeun mobil ka garasi, geus dikeker-keker, geus yakin pas bodi mobil jeung garasi, “belesaat..”mobil diasupkeun ka garasi. “Berebeeeeeet…Sreeeet….”. cleng kaca spion ngacleng teuing kamana, hulu mobil nyium tembok, mobil malang hese maju hese mundur, barudak ting torojol ti imah, si bungsu nu biasana nyerengeh bari ngacungkeun jempol bari ngomong “mamah hebat”, teu kadenge ayeuna mah, salaki ngahuleng ningali hulu mobil penyok, kaca spion ngacleng, sisi kenca katuhu mobil bared.

            Ti semet kajadian harita kuring eureun teu diajar mobil.deui.

 

Bagikan artikel ini:

13 Komentar

"ceritanya bikin ngakak lepas wkwk, semangat terus ibuu"
01 Mar 2022 19:33 zelda
"Hahahhah sangat tersentuh"
01 Mar 2022 19:26 Fiqrie Djani
"Mantap bu haji, raos seuri ????"
01 Mar 2022 19:03 Kinkin
"Aslinaaaa ngakak olangan ieu maca carpon.. Pa Deden menjadikan sudut pandang pengarang orang pertama pelaku utama ..Jigana nu ngarangna istri pa Deden."
01 Mar 2022 15:46 omah Karmanah
"Hadeuuh..Aya Aya wae,..matakge ulah rasamaneh teuing ,ulah sumanget teuing wkkwkwkw...deuh seuseurian nyalira.. Alhamdulillah jadi hiburan"
01 Mar 2022 14:27 Ipah Syarifah
"Manco"
01 Mar 2022 12:57 Jajang
"ceritanya seru bgt buu"
01 Mar 2022 12:10 Eva hasanah
"Ngahibur pisan carponna, ramee bu... Teu karaos seuri nyalira hehehe..."
01 Mar 2022 11:49 Ema Rachmawati
"Bet asa ka diri kuring eta teh, anu nepi ayeuna teu wani nyetir sirangan deui. Hebat ilustrasi sareng pengimajianana."
01 Mar 2022 11:38 Sumyati
"Keren"
01 Mar 2022 10:57 Zuhara akbar
"Wahh seru ceritanya, semangatt trs buu..."
01 Mar 2022 10:56 Sheira
"Gentos mobilna nu nganggo remote. Ayo semangat Mah ! :"
01 Mar 2022 10:56 Otang Rosyid
"wuahahahah enak seriiiiii......"
01 Mar 2022 10:32 Deden Rhomansyah

Beri Komentar

Dr. H. CUCU JUNAEDI, S.Pd., M.Pd

- Kepala Sekolah -

Puji dan syukur kami panjatkan kehadirat Allah SWT, karena dengan rahmat dan karunia-Nya lah akhirnya Website sekolah ini dengan...

Berlangganan
Jajak Pendapat

Bagaimana informasi di web ini ?

Hasil
Banner